Kamis, 25 Maret 2010

CERITA PONDOK

KADO ULANG TAHUN


Upami tanggal 02 November ulang tahun abdi sok dirayakeun di kaluarga. Dina ulang tahun abdi anu ka-17 ku teteh dipasihan hadiah motor mio pangalusna. Lanceuk ngijinkeun abdi ngabantun motor kasakola kumargi jarakna jauh.
Dina hiji poe, abdi kasakola ngabantun motor anyar, rerencangan naringalikeun bari jeung barungaheun.
Maranehna nyalampeurkeun ka abdi.
“Wissss………………….. motor anyarna ?” ceuk Arief.
“Uhun, Rif. “ tembal abdi.
Yun, wios teu upami abdi ngajaran motor anyar anjeun?” ceuk Eris.
“Nya wios atuh bade ngajaran mah asal ati-atinya” tembal abdi.
Eris nyobaan mawa motor. Manehna hamper wae murag tai ki abdi masih bisa katahan. Tos Eris giliran rerencangan pameget sanesna. Giliran anu pangpandeurina nyaeta si Arief, manehna memang bisaan pisan nyandak motor, tapi kusabab ngebut ahirna kalabasan nabrak tangkal kalapa. Manehna mecleng ka jalan, abdi ngajerit kusabab rewash.
“Arieff……………….. !” jerit abdi
“Aduh ………………… tulungan ! ceuk Arief.
Rerencangan nyamperkeun si Arief anu murag tina motor panangana ramemed sareng sampeana garetihan. Motor mio abdi rusak, bagian kaca spiona bubuk sareng sisi motorna retak. Abdi ngambek ke manehna bari jeung cacarek. Abdi ngambek ka manehna cilaka.”
“Titadi oge kudu ati-ati nyandak motorna, tapi anjeun malah ngebut senakna! Dongkap ka rompok motor rusak pasti dicarekan.” Ceuk abdi cacarek
“Yun, punten abdi teu sengaja, moal mungkin atuh dicarekan pan anjeun adi anu dipikanyaah.” Ceuk Arief.
“Padu bae anjeun nyarios. Dongkap karompok abdi pasti dicarekan bisa-bisa dicaram mawa motor ka sakola.
“Ceuk abdi (hate karasa keuheul pisan).
Abdi wangsul bae ka rompok bari jeung umbak-ambek di jalan. Si Aref nyauran tarik pisan, tapi ku abdina teu di palire.
Dongkap kurompok abdi ngarasa hariwang bisi dicarekan ku teteh, hate ngarasa teu tenang. Henteu pati lami teteh abdi sumping, manehna heraneun sabab ningali abdi sedih.
“Yun, kumaha tadi nyandak moto ka sakola, resep teu?” ceuk teteh.
“Uhun resep teh. “ tembal abdi
“Naha kunaon geuning katingali sedih, aya masalah di sakolah?” ceuk teteh
Abdi hentu langsung ngawaler. Bade jujur sieun dicarekan, tapi upami teu jujur abdi ngarasa dosa. Ahirna mah abdi jujur ka teteh masalah motor mio rusak ku si Arif disakola.
Hate karasa hariwang saentos nyarios kitu bisi dicarekan. Tapi malah sabalikna anu ku abdi dipikirkeun, teteh abdi henteu nyarekan malah ngamaklum kana kasalahan.
“Oh………… jadi itu masalahna anjeun katingali sedih. Kumaha atuh si Ariefna dicarekan teu?”
“Nya dicarekan ku abdi da keuheul pisan kamanehna, motor samahal-mahal dirusak kubatur.” Ceuk abdi.
Teteh ngan ukur seuri pedah abdi nyarios kitu.
“Memang teteh mangmeserkeun hadiah ulang tahun motor mio kanggo anjeun, tapi mana mungkin anjeun bae anu nganggona, rerencangan oge pasti hoyong nyobaan sanes?”
“Abdi ngarasa salah parantor nyarekan si Arief, padahal manehna henteu ngahaja ngarusak motor, tapi abdi malah heunteu peduli ka manehna.
“Yun, teu kenging nuker hiji babaturan kuhiji motor. Babaturan mah hese dipilarian, tapi masalah motor rusak masih diganti.
“Uhun teh, abdi ngarasa salah. Mulai enjing abdi bade nuhunken maaf ka si Arief.” Ceuk abdi.
Enjingna abdi mios ka sakola. Tapi si Arief henteu hadir. Wangsul ti sakola abdi langsung ka bumina si Arief. Anjeuna aya nuju calik dina korsi panangana di perban.
“Rif, maksud abdi dongkap kadieu bade nuhunkeun maaf ka anjeun. Abdi kamari nyarekan anjeun, memang abdi emosi pisan pedah motor abdina rusak. Abdi henteu peduli anjeun cilaka. Padahal sahabat lewih penting daripada barang.”
“Yun, sukedahna abdi anu nuhunkeun maaf ka anjeun. Abdi parangtos ngarusak motor anyar anjeun henteu aya rasa tanggung jawab.”
Ahirna Arief sareng yuyun saling ngamaafkeun. Manehna ngajalin persahabatan anu satia.



PENTINGNA JUJUR

Karya : Asep strez
Isuk-isuk dina poe minggu, si Agus, si Toni, oge si Yadi, nyalampeur ka imah si Asep rek ngajak ulin ka kebon tukangeun sakola anu deukeut imah si Asep.
“Asep ……. ! Asep …………..!! urang ulin ka kebon tukangeun sakola beu!?” si Agus gero-gero di hareupeun imah si Asep lbari ajruk-ajrukan. Tuluy si Asep kaluar ti imahna.
“Sep, urang ngala buah nu abah si Toni beu di kebon Tukangen sakola!?” si Yadi ngabejaan tujuan ulin ka kebon.
“Carekan moal ku abahna ?” si Asep nanya ka si Toni, sieuneun di carekan ku abah si Toni na.
“moal dicarekan ieuh, da cek abahna oge kajeun”. Jawab si Toni bari mangmang, kusabab sabenerna tacan cacarita ka abahna.
“Ka heula atuh! Rek bebeja hela ka ema”. Si Asep tuluy asup ak imahna, cacarita ka emana nu keur nyangu.
Teu lila si Asep kaluar meunangkeun izin ti ema na. tuluy marangkat eta barudak ka kebon bari lulumpatan.
Pas nyampe di kebon tukangeun sakola, si Toni jeung si Asep naek kana tangkal, sedengkeun anu mulungan buah di handap nyaeta si Agus jeung si Yadi.
Kusabab si Asep rada sieueneun kana kaluhuran. Tuluy si Asep nitah si Toni naek tiheula.
“Ton maneh naek ti heula atuh ! urang sieun kanu pang luhurna mah.” Titah si Asep bari ngadodorong si Toni”
“Luhur sakitu bae sieun, dasar borangan.” Poyok si Toni ka si Asep. Dipoyok ku si Toni si Asep rada pundung.
Langsung bae si Toni teh naek kana angkal tiheula kanu pang luhurna. Tuluy si Toni ditutur keun ku si Asep ti handap.
Si Asep mah ges ngala buah lima siki, ari si Toni mah tacan meunang hiji-hiji acan.
“Ton geuning maneh mah teu meunang meunang atuh?” Tanya si Yadi ka si Toni anu keur gegeteran di luhur, bari jeng tangkalna di oyagkeun ku si Yadi nateh. Atuh, si Toni teh kalah ceurik kusabab sieun labuh.
Di handap, si Agus keur keder luak-lieuk, culak-cileuk neangan tempat pamiceunan emrureun kusabab tempatna teu kapanggih, atuh si Agus teh kapaksa nagog di handapen tangkal buah nu keur ditaekan ku si Asep jeung si Toni, kusabab teu bisa nahan deui, atuh si Agus kalah miceun di dinya. Apal si Agus keur miceun di handapeun tangkal, si yadi kalah cacarita ka si Asep jeung si Toni nu keur ceurik keneh.
“Heh! Asep, Toni kahade lamun turun! Bisi nincak tai si Agus. “sora si Yadi tarik ngabejaan si Asep jeung si Toni.
“Sep, urang teu bisa turunna,” bari ceurik si Toni ngajawab pnanya si Asep. “bisi labuh kana tai si Agus.” Tambah si Toni.
Di handap, si Agus mah kalah tenang – tenang bae, siga anu te boga salah.
“Agus! Da maneh mah, kalah miceun di dinya. “sora si asep rada tarik nyarekan si Agus.
“Da kumaha, teu bisa ditahan. “tembal si Agus bari jeung bisa-bisa bae.
“Yadi! Geura sampeur bapa si Toni! Si Tonina ceurik kitu!” si Asep nitah si Yadi ngageuroan bapa si Toni, si Yadi tuluy lumpat.
“teu lila si Yadi datang bareng jeung bapa si Toni.
“Bapa, teu bisa turun.” Carita si Toni ka bapana.
“Atuh naha kalah naek ari teu bisa turunmah!?. “rada keuhul eta bapana ka si Toni.
Tuluy di turunken eta si Toni ku bapana, saenggeus samemehna si Asep turun tihela
Si Toni rada ereun carikna ari ges aya di handapah.
“Nyarita teu ka abah erek ngala buah?”
Tanya bapana ka si Toni.
“Cek si Toni mah, di izinan ku abahna.” Jawab si Asep ka bapa si Toni.
“Teacan.” Cek si Toni anu rada ceurik keneh.
“Matakge nyarita heula ka abah! Ari can meunang izin, ulah sok wawaniannan ngala buah. Sok geura aruih!” papatah bapa si Toni bari jeung nitah mulang ka barudak,
Marulan gbae eat barudak bari jeung hariwang, sieun sing dicarekan ku abah si toni.
Di jalan barudak kalah silih salahkeun
“Cak urnag ge! Sing di carekan, sing dicarekan ku abahna.” Si Asep nyalahkeun si Toni nu kaek euren ceurik.
“Da urang ge di paksa ku si yadi. Cek si Yadi teh, kajen teuing moal dicarekan ieuh.” Si Toni embung di salahkeun, kalah nyalahkeun si Yadi.
Si Yadi ku narima di salahkeun ku si Toni. Kalah nyalahkeun si Agus nu leumpangna egang, da tacan cecebok.
“Si Agus nu ngajak na, urang mah nurut bae.” Cek si Yadi ka si Agus.
Si agus na, mah cicing bae teu nembalan, da meureun manehna ngarasa salah. Geus ngajak tiheula, hayangna mulungan di handap, bari jeung miceun di handapeun tangkal buah nu keur ditaekan ku si Asep jeung si Toni.
Si Toni ge ngarasa salah, da teu bebeja heula ka abahna rek ngala buah.
“Geus atuh tong silih salahkeun, da kabeh ge salah.” Cek si Asep siga nu ngatur “Agus geura uih ka imah! Cecebok kaditu!” titah si Asep ka si Agius nu eegangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar